Hayang Disuntik
Hayang Disuntik Kénging Taufan Ramadan Hareupeun imah aya dokter umum nu anyar muka praktek, dr. Hesti Khoerunnisa. Sok sanajan praktekna kaitung anyar, loba pisan nu ngadon tatamba téh. Salirana someah darehdeh, ngaladenan teu ngabeda-beda jalma, obatna nu manjur jeung pangpangna mah biaya dipariksa teu mahal, malah kalan-kalan keur nu teu mampuh mah sok diharatiskeun. Nyaho sotéh kuring mah ceuk béja, da can pernah dipariksa. Bararaid teuing sing dijauhkeun tina panyakit, kaditu ka sabrang ka palembang. Kuring sorangan can nyaho ari rupana mah dr. Hesti téh kumaha, sanajan imahna paeunteung-eunteung tapi da can kungsi ningali. Sapopoéna dinesna di Rumah Sakit Kabupatén, soréna muka praktek nepi ka peuting. Geulis jeung masih lalagasan deuih cenah. Kuring jadi rada panasaran barang ngadenge beja aya dokter ngora geulis jeung masih lalagasan mah. Lantaran hayang ningali dokter nu cenah geulis, isuk-isuk téh tos solat subuh tara sare deui, tuluy maca koran dihareupeun i...