Posts

Showing posts with the label perang potret

CARPONSUN | Carpon Perang Potret

Carponsun - carpon perang potret. Dina danget ieu carponsun bade midangkeun hiji carpon seratan salahsawios penulis carpon nu teu bireuk deui di kalangan para penulis oge para pamaos hususna anu mikacinta kana sastra sunda, nu katelah HOLISOH ME. Anjeuna sanes wungkul midangkeun seratanana di Mangle,nanging oge di majalah sareng surat kabar boh nu nganggo bahasa Indonesia ponkitu deui nu nganggo bahasa sunda,diantawisna Majalah Suara Daerah sareng surat kabar Pikiran Rakyat sareng Galura. Ka sugri pamaos  blog Carponsun ieu,wilujeng maos salahsawios carpon yasana Holisoh ME nu judulna Perang Potret Carpon Perang Potrét Kénging Holisoh ME Mang Iding jeung baturna tiluan, keur husu masang-masang spanduk nu dipakukeun kana tangkal mahoni sisi jalan. Éta spanduk potrét Ibu Hajah Anis, tatangga kuring nu salakina juragan tanah. Sawahna satungtung deuleu. Kebonna upluk-aplak, ceuk tukang rahul mah moal kakuriling dua poé dua peuting. Atuh bu Hajah Anis gé pupuhu hiji partéy anu béréhan, ...