Posts

Showing posts with the label carpon

CARPONSUN | Carpon Perang Potret

Carponsun - carpon perang potret. Dina danget ieu carponsun bade midangkeun hiji carpon seratan salahsawios penulis carpon nu teu bireuk deui di kalangan para penulis oge para pamaos hususna anu mikacinta kana sastra sunda, nu katelah HOLISOH ME. Anjeuna sanes wungkul midangkeun seratanana di Mangle,nanging oge di majalah sareng surat kabar boh nu nganggo bahasa Indonesia ponkitu deui nu nganggo bahasa sunda,diantawisna Majalah Suara Daerah sareng surat kabar Pikiran Rakyat sareng Galura. Ka sugri pamaos  blog Carponsun ieu,wilujeng maos salahsawios carpon yasana Holisoh ME nu judulna Perang Potret Carpon Perang Potrét Kénging Holisoh ME Mang Iding jeung baturna tiluan, keur husu masang-masang spanduk nu dipakukeun kana tangkal mahoni sisi jalan. Éta spanduk potrét Ibu Hajah Anis, tatangga kuring nu salakina juragan tanah. Sawahna satungtung deuleu. Kebonna upluk-aplak, ceuk tukang rahul mah moal kakuriling dua poé dua peuting. Atuh bu Hajah Anis gé pupuhu hiji partéy anu béréhan, ...

Carponsun | Sasakala Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau

Carponsun.blogspot.com - Midangkeun carpon "Sasakala Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau". SELAT SUNDA JEUNG GUNUNG KRAKATAU Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden Topobrana. Haritamah Pulo Jawa sareung Sumatra teh ngahiji. Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka putra-putrana, tur di bagi dua belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana. Terus Sang Prabu teh indit ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna teu nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak. Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea Raden Sundana ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu tos dieusi cai laut tea, terus indit ka medan laga. kasampak dua putrana keur perang campuh atu bendu pisan anjeunanana.  Ningali ramana sumping reg weh perang liren,...

Carpon | Carita Pondok Nini Kalingking

Image
Carpon - Carita Pondok Bahasa Sunda ilustrasi nini kalingking Nini Kalingking Absurditas Malka Mun téa mah aya nu hara-haraeun atawa kalangsu ka Gunung Aseupan, mun téa kawénéhan, tangtu bakal manggihan nu ahéng di éta patempatan. Di dinya pisan, aya dua wanoja kembar, Nini Kalingking jeung Nini Galonggéng. Ngan, geus pirang-pirang lilana tara aya nu wani ngulampreng ka dinya. Nini Kalingking salaku nu jadi lanceuk karesepna pepelakan, tina karesepna éta manéhna ahli nyieun rupa-rupa ubar tina dangdaunan, aakaran, atawa kulit tatangkalan. Salian ti éta, manéhna gé ahli nyieun racun nu matih. Nini Galonggéng  adina, manéhna mah resep moro. Kukituna manéhna ngukut ajag nu diaranan si Paser. Ajag nu lumpatna tarik badis paser, mung lumpat lir tunggang angin, ngabelesur moal eureun mun can nyégét mangsa. Kanyaah Nini Galonggéng ka si Paser, siga kanyaah indung kanu jadi anak. Kitu deui Nini Kalingking, duanana sarua pohara mikanyaah ka éta ajag. *** Pasosoré, basa panon poé ucang-ucang...

Napak Tilas

Napak Tilas Kénging Han  Gek kuring diuk dina jukut sisi jalan satapak, ngareureuhkeun kacape. Taktak asa semplak pira oge nangung kalapa jeung gula kawung anu teu sabaraha piduiteunana. Awak anu pinuh ku kesang digeberan ku dudukuy. Kuring nangung kalapa jeung gula kawung jualeun ka Bintang harita teh. Ti lembur sok indit isuk keneh, mapay jalan satapak ari nepina paling gancang wanci lohor. Kawas wanci harita, keur jaman harita di Bintang aya pabrik perkebunan anu walanda, nya kira-kira mah taun 60-an. Waktu harita masih keneh hese hayang meuli pangabutuh sapopoe teh. Meuli minyak tanah jeung uyah oge kudu ka Tanggeung anu lamun disorang butuh waktu sapoe bolak-balik.  Kuring oge kudu we samingu sakali mah ngincring ka Tanggeung, balanja minyak tanah jeung uyah ti koperasi. Can aya mobil anu nepi ka lembur. Da ti cianjur oge mobil teh ngan nepika Tanggeung. Kitu oge hiji dua can rame kawas ayeuna. Sok remen bati tina ngajual minyak tanah jeung uyah teh dibelikeun kana kalapa...

Hayang Disuntik

Image
Hayang Disuntik Kénging Taufan Ramadan    Hareupeun imah aya dokter umum nu anyar muka praktek, dr. Hesti Khoerunnisa. Sok sanajan praktekna kaitung anyar, loba pisan nu ngadon tatamba téh. Salirana someah darehdeh, ngaladenan teu ngabeda-beda jalma, obatna nu manjur jeung pangpangna mah biaya dipariksa teu mahal, malah kalan-kalan keur nu teu mampuh mah sok diharatiskeun. Nyaho sotéh kuring mah ceuk béja, da can pernah dipariksa. Bararaid teuing sing dijauhkeun tina panyakit, kaditu ka sabrang ka palembang. Kuring sorangan can nyaho ari rupana mah dr. Hesti téh kumaha, sanajan imahna paeunteung-eunteung tapi da can kungsi ningali. Sapopoéna dinesna di Rumah Sakit Kabupatén, soréna muka praktek nepi ka peuting. Geulis jeung masih lalagasan deuih cenah. Kuring jadi rada panasaran barang ngadenge beja aya dokter ngora geulis jeung masih lalagasan mah. Lantaran hayang ningali dokter nu cenah geulis, isuk-isuk téh tos solat subuh tara sare deui, tuluy maca koran dihareupeun i...