Carpon | Carita Pondok Nini Kalingking
Mun téa mah aya nu hara-haraeun atawa kalangsu ka Gunung Aseupan, mun téa kawénéhan, tangtu bakal manggihan nu ahéng di éta patempatan. Di dinya pisan, aya dua wanoja kembar, Nini Kalingking jeung Nini Galonggéng. Ngan, geus pirang-pirang lilana tara aya nu wani ngulampreng ka dinya.
Nini Kalingking salaku nu jadi lanceuk karesepna pepelakan, tina karesepna éta manéhna ahli nyieun rupa-rupa ubar tina dangdaunan, aakaran, atawa kulit tatangkalan. Salian ti éta, manéhna gé ahli nyieun racun nu matih.
Nini Galonggéng adina, manéhna mah resep moro. Kukituna manéhna ngukut ajag nu diaranan si Paser. Ajag nu lumpatna tarik badis paser, mung lumpat lir tunggang angin, ngabelesur moal eureun mun can nyégét mangsa.
Kanyaah Nini Galonggéng ka si Paser, siga kanyaah indung kanu jadi anak. Kitu deui Nini Kalingking, duanana sarua pohara mikanyaah ka éta ajag.
***
Pasosoré, basa panon poé ucang-ucangan dina taktak tangkal katapang, Nini Kalingking mayang si Paser. Ajag nu soré harita katiruk jamparing, parat ti cangkéng katuhu ka cangkéng kénca.
Barang jog ka saung, sakadang ajag paragat nyawa, teu empés-empés, teu usik-usik. “Paser!” Nini Galonggéng jumerit maratan langit, bari ngarontok si Paser nu geus jadi bugang, “saha atuh jelemana nu tega kaniaya ka anjeun. Paser, deudeuh teuing, deudeuh.” Nini Galonggéng teu eureun ngusapan sirah ajag, cipanon bedah teu katandéan.
“Geura kuburkeun anggur mah.” Nini Kalingking masrahkeun bangké ajag, “Aceuk rék ngudag jelema nu geus maténi si Paser.”
Teu talangké, Nini Kalingking tuluy ngajorélat meulah halimun nu mimiti rékép ngeukeupan Gunung Aseupan dipencrong ku adina nu lumengis bari ngusapan bugang ajag.
Lir angin, lir halimun, Nini Kalingking ngabelesur meulah rumpilna leuweung Gunung Aseupan. Ngabelesat rék ngabalitungkeun pati si Paser.
***
Bulan kakalicesan di awang-awang, kapeung cangra kapeung cakuem kapengpetan méga. Nini Kalingking teu ieuh poékeun léngkah, najan leuweung pohara mongkléng sukuna bangun bisa nempo titincakkeun, bubuhan geus manukna.
“Pati dibayar pati. Hihihi.” Nini Kalingking nyikikik sorangan. Teu lila deui manéhna anjog ka saung eurih, saung pangbalikan.
“Tos ti mana baé ari Aceuk?” Ceuk Nini Galonggéng, ringrang.
Nini Kalingking imut ngagelenyu bari ngusiwelkeun kanjut kundang, tuluy némbongkeun eusina, lima pasang ceuli.
“Aceuk, ceuli saha éta?” Nini Galonggéng ngagurubug bari ngépéskeun kanjut kundang.
“Ceuli paninggaran. Hihihi.” Nini Kalingking nyikikik, tuluy rungah-ringeh niténan sabudeureun saung, “belah mana kuburan si Paser téh, Nyai?”
“Aceuk kumaha caritana, naha ceuli paninggaran … ” Nini Galonggéng mencrong kanu jadi lanceuk, pananyana teu kebat, kaburu dipotong ku lanceukna.
“Pati dibayar pati, piraku teu kaharti? Hihihi.” Nini Kalingking nyikik tuluy nanyakeun deui kuburan si Paser, sorana rada nyentak “Belah mana kuburan si Paser?”
“Handapeun tangkal angsana. Ditetenggeran ku batu beureum.” Nini Galonggéng ngarérét ka lebah kuburan si Paser. Leungeunna ngaleleper cangcaya kana naon baé nu dikedalkeun ku lanceukna. Pati ajag, naha sawawa jeung pati lima paninggaran? Kitu pikirna.
Nini Kalingking ngoloyoh ka buruan. Lima pasang ceuli nu getihna geus gararing diawurkeun dina luhureun kuburan. Séréngéh manéhna seuri. Halimun beuki rékép ngabulen Gunung Aseupan, bulan nu ngaringkel di awang-awang laun-laun leungit teu katémbong kelemeng-kelemengna acan.
Lima bangké nu géhéng alatan racun, pasoléngkrah gigireun rungkun honjé nu canéom. Pasang-pasang panon ajag ngempur dina sela-sela rungkun, ting keteyep ngadeukeutan.
***
Béja pabéja-béja, pangeusi lembur Batu Bodas ibur ku béja ngeunaan leungitna lima paninggaran. Geus kana tujuh poé teu marulang, tara sasarina. Salilana gé moro ukur tilu poé, ieu mah geus tujuh poé taya mulang.
“Beu, padahal geus dipeupeuseun barudak téh ulah ka Gunung Aseupan. Wayahna euy, kudu aya nu nyusul ka ditu.” Aki Wakum humandeuar, panonna nyérangkeun Gunung Aseupan di kiduleun lembur. Gunung nu pohara netek, arang-langka kasaba ku jelema.
“Saha nu rék milu?” Ceu Aki Wakum, daria.
“Abdi sanggem.”
“Abdi siap!”
“Abdi oge.”
Salapan lalaki ngarangkat leungeun, sanggup nyungsi Gunung Aseupan, seja nyukcruk laratan paninggaran nu lunta ka éta patempatan.
Isukna, kira-kira wanci carangcang tihang, salapan lalaki nu samakta ku pakarang mariang ka Gunung Aseupan bari ngabringkeun anjing aya kana genepna.
Siget carita, paninggaran geus kausud ku anjing pamawa ti lembur. Geus jadi layon, tingsoléngkrah, pikaketireun, patumpang tindih jeung bangké ajag. Bangké téh budal-badel tapi teu buruk, beleger kénéh, kabéh garéhéng.
Kabéh sapuk yén layon téh layon paninggaran nu keur ditéangan. Najan beungeutna geus teu bisa diwawuhan, najan anggahota badanna budal-badél tapi sesebékan pakéan, gondéwah, jeung pakarang séjén araya kénéh, kawawuhan kénéh.
“Aya nu ahéng euy.” Ceuk Barna, sorana ngirung. Leungeunna pageuh ngeupeul pérah bedog. Leungeun séjénna pageuh mengkek irung.
“Kira-kira kunaon dulur urang téh, Kang?” Asdi nelek-nelek bangké bari sarua mengkek irung.
“Budal-badél kieu mah sigana direwég ajag.” Témbal Mang Sadun.
“Lain ku ajag, kuring boga pamanggih séjén. Tingali itu geuning garéhéng, gararing, teu buruk, teu bilatungan. Lain direwég ku ajag, éta mah diracun. Tuluy layonna kapanggih ku ajag, antukna ajag ogé milu paéh. Kitu ceuk kuring mah.” Darwi niténan layon nu pasoléngkrah.
“Dibaruang maksudna?” Barna teu langsung percaya, “saha nu rék ngabaruang dulur urang di leuweung samodél kieu? Naon alatanna?”
“Kuring teu apal nepika salebah dinya mah. Tapi moal lila deui si Béntar baris méré laratan.” Darwi nguniang bari ngahéotan anjing nu diaranan si Béntar.
“Béntar, gawé euy!” Darwi nuturkeun anjing.
“Rék kamana Kang, ari ieu kumaha?” Barna rungah-ringeuh bari tutunjuk kana layon.
“Anteupkeun heulan, da rék dikumahakeun deui. Ayeunamah hayu tuturkeun si Béntar.” Darwi méh kagusur ku si Béntar nu lumpat beuki tarik ngusud tapak suku nu ngaralegok dina taneuh baseuh.
Sanggeus narabas gupitan, jalan nu netek, jeung rupa-rupa rurungkang. Antukna si Béntar anjog ka hiji tempat nu rada lémprah. Si Béntar eureun ngusud, tuluy babaung meni melewung. Ngagogogan saung eurih nu dikuribeng ku leuweung tamiang.
Haseup bodas ngelun tina suhunan eurih, ngalayang niruk halimun. Angin gunung nu beuheus ku cihujan ting karayap dina beungeut daun. Salapan lalaki tingketeyep ngadeukeutan saung. Panon poé nyiruruk kana rungkun méga belah kulon.
***
“Aéh, geuning aya sémah.” Nini Kalingking ngabedega di buruan, panonna neuteup seukeut ka Darwi. Nini Galonggéng mah cicing baé di jero saung, geus dipeuseun ku lanceukna sangkan ulah kaluar.
Salapan lalaki arolohok ngembang kadu barang ningali aya wanoja rancunit kasampak ngabedega hareupeunna. Teu disangka-sangka, geuning di gunung singkur di leuweung nu hara-haraeun aya mojang lenjang.
“Aranjeun balad paninggaran?” Nini Kalingking mureleng, ramo-ramona mucuk eurih teu eureun ngeprul-ngeprulkeun tipung bodas. Tipung racun!
“Enya kuring balad paninggaran, datang ti lembur Batu Bodas. Saha anjeun, Nyai?” Darwi boga kereteg goréng ka mojang lenjang nu nangtung taya karingrang hareupeunna.
“Mun aranjeun rék balitungan, leuwih hadé gancang mulang. Hihihi.” Nini Kalingking nyikikik, panonna gular-giler niténan salapan lalaki nu kekerewet.
“Naha bet kudu balitungan jeung Nyai? Naha Nyai nu nandasa paninggaran?” Kitu ceuk Darwi, teu loba malapah gedang, kereteg haténa geus teu bisa dipungpang.
“Enya, kaula. Hihihi…” Nini Kalingking nyikikik bari ngeprulkeun deui tipung racun.
“Wanoja iblis, naon salah paninggaran nepika ditandasa kitu rupa. Wayahna Nyai, ayeuna pisan kuring sabalad-balad baris nyangkalak Nyai.” Darwi masang kuda-kuda, leungeunna ngalugas bedog.
“Alak-alak cumampelak! Leuwih hadé aranjeun gancang mulang mun embung maturan paninggaran! Hihihi.” Nini Kalingking nyikikik bari lelenggakkan.
“Ulah loba catur Nyai, ulah ngalawan, leuwih hadé gancang pasrahkeun diri.” Darwi maju ka hareup babaraha léngkah, rék nyangkalak Nini Kalingking. Lalaki séjén milu ngarangseg, kabéh taki-taki.
“Hihihi… Hiji geus palastra, saha nu rék nyusul?”
Nini Kalingking ngalenggak seuri. Darwi dadak sakala ngalumbuk bari kokoséhan, sungutna ngabudah, kulitna géhéng lir kaduruk ku hawa panas nu pohara.
Salapan lalaki séjén tingrarérét, ngarengkog bari malundur babaraha léngkah. Orokaya, tipung racun geus sumebar, geus kaseuseup ka jero dada.
“Ati-ati euy, ulah sologoto!” Barna masang kuda-kuda.
“Kuma ketak urang ayeuna, Kang?” Asdi ngaharéwos, sorana haroshos.
Barna unggeuk méré tanggara, “Serang!”.
Jleng! Jleng! Jleng! Tujuh lalaki ting jorélat rék nubruk Nini Kalingking. Lir daun pagas tina cupat, kabéh rapluk ninggang taneuh, tuluy kokosodan. Awakna dadak sakala garéhéng. Nini Kalingking nyikik deui baé, sorana matak ketir, ting saléor éoran dipayang angin ka belah landeuh.
Mang Sadun nu nangtung rada tukang tur teu milu nyerang, manéhna mah salamet teu beunang ku tipung racun. Sukuna ngompod, awakna noloktok. Beungeutna sepa miharep sangkan dirina ulah dirogahala.
“Gancang balik mun hayang hirup.” Nini Kalingking murelengan Mang Sadun, tuluy asup deui ka jero saung. Nu dipencrong ngudupung tuluy ngarangsod ninggalkeun saung.
Halimun eunteup dina dangdaunan, muntangan régang jeung dahan. Murubut ngeukeupan Gunung Aseupan ku hawa angker.
***
Béja ti Mang Sadun antukna jadi angkara. Rahayat di lembur Batu Bodas teu tarima baladna ditandasa. Kukituna warga gilig seja ngayakeun balitungan. Béja ngeunaan kasaktén Nini Kalingking nu ditarima tina carita Mang Sadun teu ieuh dijadikeun karingrang. Aya nu percaya mah tapi lolobana cangcaya.
“Ulah sologoto! Pan urang saréréa geus ngadéngé kumaha saktina éta wanoja. Kudu asak-asak nya mikir kieu caranamah.” Aki Wakum ngahuleng sajong-jongan.
“Hadéna kumaha atuh Ki? Pira bikang hiji piraku teu metu dikepung lalaki salembur?” Témbal Yatna, nyeuneu.
“Hiji sotéh jirimna, kasakténna boa sawawa jeung sakabéh lalaki salembur Batu Bodas.” Aki Wakum neuteup anteb ka Yatna.
“Jadi urang kudu kumaha atuh, Ki?” Yatna melenguk.
“Hadénamah kieu …”
Aki Wakum sabalad-balad nyawalakeun rencana ngepung wanoja siluman di Gunung Aseupan. Rupa-rupa cara geus disiapkeun. Tinggal prung. Puluhan lalaki nu dadana ngagedur ku angkara geus gilig, seja ngayakeun balitungan, kumaha baé carana.
***
“Yap kadieu kabéh, kaula moal ngejat. Hihihi…” Nini Kalingking nyikikik barang ningali puluhan lalaki nu maresat jamparing nu seuseukeutna dibulen ku sunu hurung, kabeh ngabaris rekep rada anggang ngepung saung. Kabeh maraké tergos panutup irung.
“Mang, geuning aya duaan siluman téh?” Ceuk Yatna ngahréwos ka Mang Sadun bangun kesel.
“Baheula mah ukur aya nu itu hungkul.” Mang Sadun tutunjuk bari rada mundur.
“Kumaha ayeuna Ki?” Yatna ngalieuk ka Aki Wakum.
“Kumaha ieu, Aceuk?” Nini Galonggéng ngaharéwos bari tagiwur neuteup puluhan paser seuneu nu moal lila deui tingbelesur.
“Ulah tagiwur, Nyai. Percayakeun ka Aceuk. Geus diinum ubar panawar racunna?”
“Parantos Aceuk. Ayeuna kumaha?”
“Hihihi… Ayeuna urang lalajoan baé kumaha ketakna.” Nini Kalingking namprakkeun dampal leungeun tuluy ngepruk-ngeprukkeun tipung. Serebung. Serebung. Tipung ngahiji jeung angin, ngahiji jeung halimun.
“Serang!” Aki Wakum méré tanggara.
“Héh! Siluman, ayeuna aranjeun bakal palastra!” Kang Amun nyorowok bari mesatkeun paser nu congona ngagugudar ku seuneu.
Jamparing ngabelesur niruk angin, kancreb dina tihang saung. Segur seuneu nyamber hateup. Bray, leuweung jadi cangra, silalatu tingaréngklak dina kélék halimun.
Jerit! Kocéak! Puluhan lalaki tingkocéak, tingalajrét, tuluy ngadarupung tingkarosod. Kulitna garéhéng kaduruk racun. Geuning racun téh asup kana liang késang, najan irung dibunian, liang késangmah angger méré jalan.
Nini Kalingking jeung Nini Galonggéng ngaleungit, teu katingali kalangkang-kalangkangna acan. Halimun morolok ti jomantara, ngarurub puluhan layon nu géhéng teu mangrupa.
Bandung, 18 Januari 2015
*) Absurditas Malka lahir di Karawang, ayeuna nganjrek tur gawe di salah sahiji lembaga panalungtikan vaksin di Bandung.
Mntp gan, hobby legenda ya!!
ReplyDeleteSemua jenis cerita saya suka gan
ReplyDelete